Noda hati seorang Sahabat Palsu/ Sobat Anu ngamanfaat keun


Judul  anu di payun/di Luhur eta ngahaja ku sim abdi di ngaranan judul nganggo Bahasa Indonesia, tapi saleureus namah eusina carita Tentang Sahabat iyeu teh nyaeta nganggo Basa Sunda.
Ngahaja sim Abdi nganggo Basa Sunda sangkan ngenalkeun ka Sadaya Alam Dunya Maya (sanes Maya Estianty  Artis anu Geulis tea nya).
Teuras wae nya moal seu eur basa-basi. Yuk Mangga.
Basa waktos Sasih Saum (Romadon) Taun 2012 biasa abdi upami uwih dameul tabuh 7 atawa saparantos Magrib samemeh Isya, sok rajeun ngiringan Neuteupan Taraweh, sok sanaos beulang-beutong (kadang ikut – kadang tidak) oge. Kaleureusan cakeut Kost-an sim Abdi aya Hiji Masjid alit (tapi langkung sae namah di seubat Musholah/Surau, soalna alit pisan Masjid teh, sareng deuih tara di anggo Neuteupan Jum’at. Sim Abdi ngiringan Neuteupan Taraweh di Masjid eta sanes karena Caketna, tapi karena Sami sareng di kampung atawa di pasantren-pasantrend kapungkur, Tarawehna 20 Rokaat, teras di tambih Neuteupan Witirna 7 atawa 5 Rokaat.
Nya Lumajeung (lumayan) lah saminggon teh kenging 3 atawa 4 Weungi tiasa ngiringan Neuteupan Taraweh berjamaah. Asa ku Sedih taraweh nyalira, maksad teh teu aya rerencangan anu  tiasa di ajak ngobrol  upami nuju Tunduh pisan teh. Soalna barudak Kost (babaturan sakost-an) tararawehna ka Masjid anu rada jauh, pajar teh di Masjid anu manehanana mah Taraweh nage 8 Rokaat, jadi gancang, “heu euh ah kumaha maneh we” ceuk Uing teh.
Ber hubung kagok naggo basa Sunda halus (leumeus) najan biasa nganggo Sunda Halus sim Abdi sehari-hari di Bumi, namun kagok pisan, jeung mah deuih babaturan sok komplen, pajar teh teu ngarti Sunda Halus mah “aduh Urang sunda teu ngarti Basa Sunda Halus asa ku Aneh nya” kumaha atuh Lurd?? Ya udah kuring bakal make basa sunda Medium lah da basa sunda kasarmah ulaheun ku Kolot ge pamali ceunah.
Tah saprak mulai Romadoh/bulan puasa urang teh mun sempat pasti maksakeun solat Taraweh berjamaah di masjid anu deukeut Kost-an, sabeuneurna teh hayang pisan Tadarusan di masjid, kawas di kampung kituh, beurang peuting, tapi Beurang mah etage urang mah osok tadarusan di masjid eta teh, najan sorangan ge da ludeung, tapi mun peuting mah sumpah teu Ludeung pisan mun sorangan mah, da ngajak babaturan tara daraekeun. Ah daripada  maksakeun ge teu beuneur maklum Urang borangan jelemana, nya atuh teu wani ngaji Quran sorangam di Masjid peuting-peuting. Jadi tadarusan na Beurang we di masjid mah, mun Peuting mah di Kost-an we, eta ge lamun daek atawa teu kasarean.
Ti baheula ge Tadarusan  mun bulan puasa mah, minimal paling males sapoe sa Juz, eta teh paling males,  tapi Urang payah pisan euy, ges saminggu leuwih tadarusan karek meunang 6 Juz,  eta ge karena lamun Libur gawe maksakun 2 atawa 3 Juz he he he. Padahal mah mun tetelephonan (telephone nyaan, maksduna telpon kadieu-kaditu babaturang baheula), maranehanana teh geus jarauh ngarajina, bahkan aya nu geus Tamat, Hebat nya, uwing jadi iri euy, batur mah geus jarauh Tadarusan teh, bahkan araya nu geus tamat arek ngadua kalian ceunah.
Hiji waktu pas urang balik taraweh (poho deu maleum naon mah) teu inget Sumpah, pas balik taraweh eh Urang nempo aya anu ngaraji di masjid,  anjrit uwing meuni atoh pisan euy sumpah, etamah da saking atohna langsung ka Kost-an buru-buru nyokot quran,  langsung balik deui ka Masjid, mangpang-meungpeung aya batur nu Ngaraji di masjid Peuting ha ha ha ha.
Pas geus asup ka Masjid urang teh karek ingeut, maksdu teh poho teu mawa sajadah jang ampar/tilam urang Diuk, kan ngajina  ge arek neupi ka Janari,  mangkaningan Masjid nage keramik euweuh karpetan deuih.  ‘ah ngiluwan we ka batur anu make Sajadah” ceuk hate uing teh. Saking malesna balik deui ka Kost-an, padahalmah deukeut da mun balik deui nyokot sajadah da moal lila nya.
Barang geus asup ka masjid teh, geuninganan nu ngaji nage ngan ukur aya 3 urang, da nu Loba namah awewe, di luar dariukna awewe mah. Jadi bararingung da iyeu teh (maksud teh pada waktu  itu) gaya sa eutik make basa Indonesia beh cigah Urang kota. Hayang ngiluan diuk anu make sajadah tapi da, geuninganan  aya nage anu tos seupuh di tempat imam calik nage, nya eta anu sok ngimaman Taraweh, ah teu wani urang mah diuk deukeut Ustadz mah, era pisan, aya hiji deui anu make sajadah, tapi diukna nanghunjar, teu paruguh mun di penta sapotong jang diuk urang, da katempo nage cigah Pewe pisan si kolot eta teh, ah kanu iyeu we budak leutik aya nu make sajadah sorangan oge sih, tapi  . . . . . , anjrit da iyeumah Bule, sumpah Bule asli lain bohong!! Maksud uwing teh kumaha carana mun uwing ngomong ka eta Bule, soalna uwing teu nyaho basa Ingrisna “mang tiasa teu ngiringan calik abdi, soalna hilap deui teu nyandaak Sajadah” heg tah nu maraca iyeu aya nu bisa teu pang basa ingriskeun?,  tapi da apek teh teu sa hese pamikiran uwing euy, Alloh mantuan ka uwing padah di masjid meuereun, eh karek ge arek ngomong si Bule etateh geus ngeser  saeutik, make seuri deuih wah sukur atuh ari kitu mah.
Teu loba mikir-mikir uwing  langsung  diuk terus ngaji, teu make kenalan-kenalan (kos ka awewe wae kudu make kenalan) he he he he goreng patut nya barudak ayeunamah, pajar teh teu kudu keunalan kos ka awewe wae make kenalan sagala,  padahal mah dina agama ge silatur rahmi teh dikudu keun kan, da sabeuneur namah sasalaman jeung awewe teh haram hukumna. Tapi da asa ku reuseeup keneh jeung awewe sasalaman mah daripada jeung lalaki “merang” tah nukitu Dosa teh sok asa ku endah jeung nikmat ari ngalakonan Dosa mah, beda jeung Ibadah sakeudeung ge Hoream, kesel pisan ceunah mah. Dasar barudak garelonya, ngan awewe we nu dipikir keun teh. Teu di ajarkeun Agama ku Indung bapana ti keur Leutik.
Uwing ngaji husu carita namah, terlalu semangat karena ngejar setoran, maklum katinggaleun nage hapir 9 Juz, nya kudu ngebut, maksdu teh kudu semangat, da teu meunang ngaji Quran kebut-kebutan mah bisi tabrakan ceuk Guru ngaji ge, sabab ngaji Quran mah  kudu make Tajwid ceunah. Tah geus lila kakarak karasa cape, maksud teh cangkeul, nya atuh eureun heula we uwing teh ngajina sakalian arek nginum (ngaleu eut) basa sunda halus namah bisi we nu maca carita iyeu teh teu narti basa sunda Leumeus.
Anjir uwing kaget pisan euy geuninganan nu ngaraji teh geu areuweuh teuing kamaran? baralik sugan? Tinggal dua an we uing jeung siBule anu diukna sa sajadah jeung uwing,wah boa-boa siBule teh can balik karena Sajadahna di diukan ku uwing? Biasa uwing teh sok nyalahkeun diri sorangan da, maklum jelema teuboga mah da sok minder, jeung teu pararuguhan. tapi da masih ngaji keneh,  sabodo teuing ah, nu penting mah uwing aya baturna di masjid, mun sorangan mah uwing sieun di keureukeub ku Jin ha ha,  uwing nyokot cai nginum kemasan 4 gelas, 2 ewang jeng siBule (sebutna siBule we nya, da teu nyaho ngarana ge, kan ceuk uwing ge tadi teu kudu kenalan da lain jeung awewe), uwing mere 2 Gelas kemasan cai nginum jang siBule teh, biasa ngabageuran, beh manehna teu balik,  soalna mun siBule balik, uwing ge pasti balik, kan teu Ludeung di Masjid peuting-peuting mah.
Pas ku uwing dibere cai nginum eh siBule eureun ngajina, “terima kasih” ceunah ceuk siBule teh, terima kasih teh Hatur nuhun.  Hah?? Ya Alloh geuning eta siBule teh bisaeun ngomong basa Indonesia, mun nyaho kitu mah tadi uwing teu kudu susah-susah make mikir-mikir   ijin ngiluan diuk dina amparan sajadahna make basa ingrisna. :p
Karena sibule ge  eureun heula ngajina, jadi ah ku uwing teh di ajak ngawangkong (ngobrol),  karena uwing jelemana bawel, sok tunya-tanya, jeung sok hayang nyaho wae kahirupan batur, reuseup ngadengekeun carita pangalaman hirup batur, nya anggap we peljaran, atawa maca Novel. kos budak leutik ceunah mah. Komo uwing reuseup nulis deuih. Jadi nya atuh uwing teh tunya tanya we saha maneh saha, imahna dimana, anakna saha jeng hayang jadi saha, kos laguna Ebit bet a tea geuningan.
Geuninganan siBule etateh bageur, someah (friendly) basa ingris namah bisi we nu maca iyeu teu nyaho basa ingris. Nya atuh urang teh asik ngobrol lila oge ngobrolna sakira-kira 10 menitan, langsung we uwing teh ngaji deui kan hayang gancang tamat tadarusanage, nya siBule ge sarua we meureun da teu pararuguh ngadaweung mah, maneh nage ngaji deui we.
Urang nanya kasi Bule teh, maneh nepi ka iraha ngaji didieu?
Ceuk maneh nateh nepi ka Janari. Tah tidinya uwing teh neruskeun ngaji Quran deui, karena geus nyaho siBule teh ngajina bakal nepi ka Janari. Can nyaho ngarana siBule teh, kan ceuk uwing ge teukudu kenalan da lain ka awewe teukudu kenalan lah. Ngaji we sing khusu lah bari semangat.
Eh aripek teh siBulena ngajak kenalan ngarana teh JR ceunah, nya atuh uwing ge kapaksa nyebut keun ngaran uwing (anjrit meuni sombong nya uwing, teu hayang keunalan, make nyebut kapaksa kenalan) padahal mah siBule etateh “bae najan geus nyaho ngarana ge, da geus geunaheun nyebut manehna Bule”. Heu euh siBule etateh da bageur, daekan deuih solat taraweh nage sok nepi ka tamat Witir 7 Rokaat,  di teumpokeun ge bener da solat nage make tumaninah, ya Alloh karek ayeuna uwing nempo Bule solatna bener,  (ah tong muji jelema, pamali, muji mah anu nyieun Bule eta alus nepi ka hayang muji). Ah bae we da ssakabeh Puji mah tetep di tujukeun namah ka Gusti Alloh.
Ku urang di tanyakeun saha nu ngajarkeun ngaji jeung solat, ceuk siBule teh indung urang, wah hebat nya indungna, da heu euh ketang uwing ge bisa nanaon teh ti indung da, najan bapa nu ngajarkeun sagala rupa ka alusan agama, tapi da lolobana mah ti indung anu ngaleuleus keun hate mah. Paingan atuh Surga teh aya dina Telapak kaki Ibu.
Jadi hayang panggih ka indungna siBule eta teh, hebat nya, bisa ngajarkeun anakna kana ajaran Agama, padahal mah jaman kiwari mah, hese pisan aya kolot ngajarkeun agama ka anak-anakna, paling ge nyewa guru agama bari mahal geu, can puguh bener atawa salahna, nya saka daekna meren ngajarnakeun agama nage, ngarana ge Guru bayaran, padahal mah Agama mah kudu garatis, pan engkeu di bayar namah ku Gusti Alloh di akherat, atawa di rizkiyan ke ku Alloh kan Alloh mah maha uninga jeung maha kawasa. “astagfirulloh hal Adzim naha iyeu teh jadi suudzon/goreng sangka nya”.
Ngadenge siBule di ajarkeun ngaji ku Indungna jadi ingeut indung uwing, anu geus lila teu panggih, padahal mah Bandung jakarta mah deukeut, namun karena ongkos nu jadi masalah, maklum uwing kuli jadi hese ngumpul artos nage, teu paruguh da upami uwih teu ngeupeulan ka indung adi jeung alo-alo mah, era pisan uwih dameul teu mere artos mah.
Tah uwing ceurik teu kuat ngadenge sibule sok di ajarkeun ngaji jeung solat kju indung nateh, uwing pura-pura ka jamban arek wudhu, padahal mah arek mewek, atuh uwing mewek lumayan rada lila, sarua pisan Mewek na basa keur asup ka pasatrend di daerah Plered, namun mewek ayeunamah inget ka kolot mun jelema bener mah, teupati lila uwing wudhu terus ka masjid deui neruskeun ngaji.
Sapeuting harita, uwing ngaji, mun geus karasa keuseul uwing eureun terus ngobrol sakedeung-sakeudeung jeng siBule beh teu tunduh.
Nepi ka waktu sahur janari mun teu salah mah jam 2, si JR balik, eh heunteu ketang, uwing nu balik ti heula, kan manehna nungguan nu ngajemput ceunah, pan imah nage da jauh. Ari uwing mah da deukeut kost nage ti Masigit (masjid) nage tinggal leumpang palingge 2 menitan neupi.
Untung we urang jeung si JR (bule) teh geus patukeur-tukeuran alamat Email “anjir gaya nya uwing boga email” no HP  “padahalmah da percumah tukeuran no HP kan siBule nage urang Amerika jeung bakal ka Amerika deui tas Lebaran ceunah”
Jeung deuih uwing yakin moal mungkin uwing bakal manjang nyobat jeng siBule eta, teu apal asal usulna, teu mungkin manehna ingeuteun ka uwing mun kapan-kapan amprok deui. Da ceuk uwing teh pasti siBule eta teh loba babaturana, pinter deuih bageur alim pasti loba babaturana, heunteu kos uwing buladig, sangsara, eweuh amalan. (tah kitu da uwing mah sok minder, inferior, goreng adat eh maksdu teh goreng sangka). Tah sa prak peuting harita uwing teu papanggih deui nepi ka lebaran, padahal mah uwing teh geus janji maleum isukan jeung saterusna arek ngaji tadarusan Quran bareng, da uwing mah moal mungkin sorangan ngaji di masjid sieun kan uwingah Borangan.
Nepi ka siBule balik deui ka Amerika, sempat meneh nateh nga sms, pamitan mereun nya. Padahal mah di pikir-pikir mah uwing teh geninganan hayang wawuh jeung siBule teh, eh basa iyeu mah nya uwing teh meuni sombong kasiBule teh. Hampura nya Bule, uwing loba dosa kamaneh najan teu wawuh ge.
Teuing tah geus kitu, uwing bakal panggih deui atawa moal jeung siBule JR teh anu bageur. Kumaha Alloh we, sae na, upami sae nya Uwing ngaDoa sing panggih deui, tapi mun teu sae mah, sing tong panggih deui salawasna, najan di Aherat ge. “amin” kituh Lurd!!!
13 Agustus 2012.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Nama Nama Bulan Dalam Agama Islam

“Abdi” Bahasa Sunda ( Warga Negara )

Cerita Dewasa Aku dan ibu kost ( life stories )