“Padameulan” Diary Orang Sunda Basa/Bukan Sastra Sunda


My Email from my best Friend

Hai KakRath, kumaha damang yeuh? Wah tos lami nya urang teu pateupang lawang, pa amprok jonghok, ngariung mungpulung ngarep kanu agung.
Eunya memang tos lami pisan urang teh tos teu ngobrol nya!! Boa-boa kang Rath tos robih ayeunamah nya? Sugan we ayeunamah kan tos janteun Boss atanapi jalmi senang, da beungharmah ti baheula nya! Sugan langkung Lintuh (montok/gendut), atanapi mingkin beugeng? Ah baelah kumaha oge, nu pentingmah ulah ninggalkeun Netepan unggal waktos (pret mapagahan ngojay ka Entog “blibis/bebek) J. Tos lami abdi nguping kabar pajar teh tos janteun rama ayeunamah nya/ wah wilujeung we nya upami tos gaduh murangkalih mah.
Ayeuna abdi hoyong nyarios keun ka ayaan di padameulan abdi kang rath, upami teu leupatmah abdi tos nyarios keun kan padameulan Abdi 13 sasih langkung nya? Waktos abdi ngalih ti Batam tea. Sumpah kang Rath abddi teh bingung pisan kang, kedah kumaha nya? Iyeu di padameulan teh simpang siur wea manah teh. Saleureus namah didieu teh abdi masih betah keneh Kang, karna sok gaduh wae waktos netepan iraha bae, nu gaduh nage teu koret kang alhamdulillah berehan, terus bageur oge ka barudak nu darameul teh someah (ramah), atasan abdi oge insya Alloh bageur lah soleh, insya alloh sae sadayana.
Didieu aabdi janten Capten, kang nya lumajeung lah alhamdulillah. Sajenis jabatan di handapeun leader, ah abdi mah teu masalah kang, padameulan abdi memang seu eur pisan kang, abdi kedah tiasa ngabadalan Kasir, bar, Cheker sareng sajabana, tapi saleureus namah abdi geu can tiasa da nguasai sadayana, nya muga mugia ka payuna abdi tisa sadayana ‘amin’ karena abdi kan neumbean damel di dunia F&Bandung jadi masih cacapa lah ibaratnamah. Jadi abdi keudah tiasa atanapi teurang sagala rupi ingredian, persentasi, rasa sareng nu sanesna sagala rupi nu aya di Cafe resto, tapi nu parahna pisan mah, kan abdi teu sedeup kopi L, kan Kang rath oge terang, kumaha nya/ ah maksakeun we, namina oge dameul di Coffee shop, mungkin di padameulan nu kapungkur abdi tiasa tumaros kak kang Rath upami aya anu teu ngaartos mah, namun ayeunamah abdi ngahaja kang, abdi teu tumaros ka kang rath supados abdi tiasa nyalira J.
Tapi kang didieu teh barudakna aneh nya kurang kompak dina masalah padameulan teh, pajarteh team work tapi asa teu kompak ah, dina mengball we hungkul kompak nateh. Tos arageung lalulusan sakola luhur deuih, tapi aneh nateh teu garaduh etitude nya, rasa sopan santunateh duka kamarana, ka atasan ka nu saluhureun teh ah sadaraekna we nyebat payuneun pongkeureun, apa memang kawas kitu nya jalmi-jalmi Kota kang? Tapi kang rath heunteu kos kitu ah!!
Lami-lami abi jadi ngaraos kirang betah kang, langkung leureusnamah teu betah ah, memang abdi reu-reujeungan sareng tempat dameul iyeu teh saprak di bangun Tempat iyeu, ah nyobian we heula ah, sababarha sasih mah, sugan we abdi kengin nu langkung sae kapayunna. Dameul sambil milarian we nya.
Kapungkurmah asa raoseun nya abdi di tempat padameulan teh, seu eur jalmi anu raos ddi jaak ngawangkong/ngobrol. Asa betah lami-lami di padameulan teh, aduh ayeunamah tos teu araya kalaluar jalmi-jalmi anu kapungkur reureujeungan sareng abdi sagalang-sagulun teh. Ayeunamah kantung sa jalmi deui anu raos di ajak ngwangkong teh, nya mudah-midahan abdi kenging anu sae dimana oge nya Kang, Mudah-mudahan kang Rath oge kenging kasaean salamina. Ulah hilap urang silih Dua ken nya!!
Oke nya, cekap lah laporanna abdi dinteun iyeu nya, muga mugia email kang Rath tiasa di buka deui nya, aduh sesah tos raoseun email-emailan ngawangkong teh J, tapi teu sawios ah ka email istri kang rath oge kan sami-sami iyeuh nya? Tapi di waleur atuh email abdi teh, ah sok di anteupan wae, pika pusingeun kang L.
Pokonamah hapunteun nya nu kasuhun abdi teu tiasa dongkap ka pernikahan Akang sareng si teteh anu geulis tur bageur tea, karena abdi kuli jadi teu tiasa nyungkeun ijin L saaleureus namah sedih pisan kang sumpah . nya teu sawioslah najan abdi teu dongkap oge ku abdi di du’akeun lah muga-mugia mulus rahayu berkah salamet, janteun kulawargi nu sakinnah mawaddah wa rohmat. Muga-mugia nikahan kang Rath janteun jalan ka Surgana Alloh. “amin”
Wilujeung pateupang deui we lh sasih payun nya, mudah-mudahan urang tiasa pa amprok jonghok dina kasaean salamina.
 : Muhammad Arya Wiratha Aslam
Assalamualaikumwarohmatullahiwabarokatuh

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Nama Nama Bulan Dalam Agama Islam

“Abdi” Bahasa Sunda ( Warga Negara )

Cerita Dewasa Aku dan ibu kost ( life stories )